

Tanggal 19-21 April, Program Studi Sastra Sunda ngalaksanakeun kagiatan Kuliah Kerja Lapangan (KKL). Taun ayeuna mah KKL teh deukeut, ka Sumedang, pernahna ka Situraja. Duh...teuing kunaon nya? Kuring asa hoream KKL ayeuna mah, teu cara basa taun kamari, basa KKL ka Baduy, kuring meni daria pisan. Teuing pedah ayeuna mah deukeut meureun, jeung waktuna samporet pisan, ngan tilu poe. Tapi da dek kana waktuna mah, kuring atoh we, daripada henteu teuing, da cenah mah aya
isu, moal aya KKL taun ayeuna mah. Beu...kacida rugina mun enya tea mah moal aya KKL deui. Kabeneran KKL teh ninggang poe Senen, poe ayeuna kuring kuduna kuliah Bahasa Inggris Aplikatif. Kuring indit ti imah isuk keneh, da jam 6 kudu geus kumpul di kampus cenah. Kuring ti imah naek ojeg da euweuh nu nganteurkeun, jaba babawaan loba, lain babawaan nu sorangan, tapi babawaan barang-barang kaperluan kelompok. Kuring mah sok kabagean balanja wae unggal KKL teh, geus dua kali KKL, kuring nu balanja sagala kaperluan kelompok, da pedah kabeneran lanceuk kuring nu lalaki dagang sembako di pasar Tanjungsari, jadi teu hese mun butuh nanaon teh. Barang nepi ka kampus sihoreng can aya sasaha, sangkilang geus jam 7. Aya ketang sababaraha urang barudak entragan 2009 jeung ketua kelompok kuring, Kang Eko. Kuring meni angkaribung ku babawaan. Can oge nanaon geus cape. Jaba kuring can dadaharan, ari indit isuk-isuk teh tara kaburu dahar. Kabiasaan oge ketang ieu mah.
Samemeh indit, kuring dahar heula di PAKILUN, dahar nasi soto, da di tempat KKL bisi salatri, jaba kuring kabagean tempat pangjauhna, di Bangbayang. Teu kungsi lila mahasiswa geus ngarumpul di parkiran harepeun gedong B. Waktu nyedek ka beurang geus ampir jam 9. Samemeh indit aya sababaraha pangbagea ti dosen jeung Pa Budi, salaku PD III. Duh...meni asa lila, barudak geus teu puguh cicing, da geus waktuna mah, hayang geura-geura indit we. Jam 9 kurang saparapat kuring indit nyorang kota Sumedang. Hayang seuri, naek angkot ayeuna mah KKL teh, da puguh jalanna hese cenah, moal asup beus mah. Komo ka Bangbayang. Teuing ah, da can kabayang di Bangbayang teh jiga kumaha, pokona mah pangjauhna we cenah, kurang leuwih 15 km ti Kacamatam Situraja.

Dina mobil karasa heurin da puguh pangeusina lain ukur jelema wungkul, heurin ku babawaan, dus, kantong patumpuk-tumpuk. Tambah-tambah kelompok kuring mah punjul tinu lian, da ketua kelompokna ge diukna teh ngaheurinan, ditambahan ku salah sahiji anggota kelompok, si Tomy nu meakeun tempat teh. Teu kungsi lila kuring geus anjog di Sumedang, teu lila ngan ukur sajam satengah meureun
perjalanan teh. Di Kacamatan kuring ngariung deui jeung babaturan, jeung kelompok sejen. Di ditu aya
penerimaan resmi ti pihak Kacamatan. Kuring jeung nu sejenna ngarariung di Padepokan, Padepokan Sunda mekar ngaranna teh. Aya meureun kana sajamna diuk di padepokan, ngadengekeun rupa-rupa pangbagea ti pihak Unpad jeung Situraja. Basa ngawanohkeun perwakilan desa Bangbayang, nu ngariung di padepokan saleuseurian. Naha ceuk kuring teh make jeung saleuri?...sihoreng geus kabayang meureun, Bangbayang mah tempatna diluhur gunung. Jam 11 beurang, kabeh kelompok indit ngajugjug desa masing-masing. Hayang seuri nu kabagean di Situraja mah, deukeut pisan, teu rame ceuk kuring teh, euweuh
dinamikana, mending nu jauh sakalian. Sapanjang jalan ka Bangbayang teh sihoreng gening jauh pisan, jeung jalanna teh butut. Jalan aspal, tapi kaditunakeun mah jalan teh rincug ku batu. Nu matak hariwang mah basa ngaliwat ka gawir nu ngalungkawing, bujur teh meni empod-empodan, jaba diuk pangtukangna, kadempet ku si Tomy nu awakna gede, beu...meni eungap rarasaan teh. Lain kunanaon kuring mah, sieun murag mobil teh ka jurang, jaba jungkrang. Tapi alhamdulillah...supir na ge ahli, sugan pembalap we ieu mah, ceuk si Riva teh. Aduh...sapanjang jalan teh kuring kunyam-kunyem we ngadu'a da sieun cilaka, jaba kabelah dituna mah da leuweung gening Bangbayang teh. Mobil asa dibuntang-banting, ka katuhu ka kenca, barudak jero mobil ting jalerit, da palaur. Teu kabayang mun dosen pembimbingna Bu Prof jeung Bu Hera, untung we diganti ku Pa Rahmat, da geus kabayang meureun ku salarea ge.
Dur lohor kuring nepi ka Kantor Desa Bngbayang. Alhamdulillah...sarerea ngucap kitu, bawaning ku atoh, da bujur geus panas. Komo nu peot mah beuki we tepos meureun. Kuring teu langsung ka imah nu rek dicicingan, ngaso heula di kantor desa, dalahar heula. Ari Kang Uwen mah langsung we muka laptop, neangan hotspot. Apek teh manehna bungah pisan, da di Bangbayang ge bisa Facebookan cenah, da aya Bangbayang Hotspot Area. Teu kungsi lila kelompok kuring dibawa ka hiji imah warga ku Pa Ulis. Balageur warga Bangbayang mah, komo da kuring mah didieu teh aya dulur. Pek teh imahna gigireun pisan imah nu dicicingan ku kelompok kuring.
Loba carita jeung peristiwa nu kagambar waktu KKL di Bangbayang. Aya untungna kabagean KKL dinu pangjauhna teh, resep, komo di gunung deukeut ka leuweung, loba monyet jeung bagong di Bangbayang mah. Nu ngahaja di ingu atanapi nu kalabur ti leuweung. Kabeneran kelompok kuring cicing di Kampung Sadarayna, nu ka koncara ku gula kawung jeung sapu huyun tea. Poe mimiti mah karasa can betah, poe kadua, katilu kuring mah geus betah pisan. Da bubuhan urang gunung, teu ngarasa ngarumas lamun KKL teh, geus biasa. Aya babaturan kuring mah, nu nepi ka teu bisa sare, da tuman sare mernah jeung ngareunah meureun. Kuring teu pati loba teuing milu neangan data, da puguh ripuh, beda jeung taun kamari, kuring daria pisan apruk-aprukan neangan data jeung Bu Dian. Taun ayeuna mah loba cicing di imah, da puguh kuring jadi tukang masak ongkoh. Nya neang data, nya masak. Da rek saha deui? Maenya ngandelkeun teuing Bi Asih nu boga imah, karunya kuring mah. Salian ti masak teh gegeroh, beberes, jsb. Dikelompok kuring mah lolobana lalaki, jadi we kuring katempuhan, najan awewena aya opatan, da teu daek kabeh gening kanu pagawean mah. Poe kadua kuring apruk-aprukan ngajugjug imah paraji di Sadarayna, abong di gunung, meni nanjak rek ngajugjug imah nu deukeut ge. Sanggeus salila sajam di imah paraji, kuring apru-aprukan deui ka makamna Mbah Jambrong, di anteur ku Pa Ahmad, juru kuncen di Sadarayna. Kuring mah resep apruk-aprukan leumpang neangan data teh, komo di leuweung, mawa hawa nu seger, beresih kana hate jeung pikiran, geus puguh kana awak mah mawa sehat. Ari barudak lalaki mah apruk-aprukan jeung Pa Rahmat, neangan data di Kampung Bangbayang.
Loba pisan nu teu kacaritakeun da puguh waktu ngetik diwarnet nu samporet pisan. Hehe..
Pagalaman kuring KKL taun ayeuna mah kaitung bungah, sabab KKLna ditempat nu beda jeung nu sejen. Ngan hanjakal, waktu nu samporet pisan , data nu kapanggih ge samporet.