Geura kedalkeun
naon nu janten bangbaluh teh
moal hade disidem
nepikeun ka pareum
lilin nu ukur tinggal sapotong the
moal hade ditundung
rasa nu teu weleh cumarita
bisi pundung
nu nyesa ukur rasa kaduhung
Jatinangor, 30 Juli 2010
15.22
Segala sesuatu dalam hidup ini adalah pertanda Kenalilah apa yang disebut keberuntungan dan kebetulan
Geura kedalkeun
Tanggal 19-21 April, Program Studi Sastra Sunda ngalaksanakeun kagiatan Kuliah Kerja Lapangan (KKL). Taun ayeuna mah KKL teh deukeut, ka Sumedang, pernahna ka Situraja. Duh...teuing kunaon nya? Kuring asa hoream KKL ayeuna mah, teu cara basa taun kamari, basa KKL ka Baduy, kuring meni daria pisan. Teuing pedah ayeuna mah deukeut meureun, jeung waktuna samporet pisan, ngan tilu poe. Tapi da dek kana waktuna mah, kuring atoh we, daripada henteu teuing, da cenah mah aya isu, moal aya KKL taun ayeuna mah. Beu...kacida rugina mun enya tea mah moal aya KKL deui. Kabeneran KKL teh ninggang poe Senen, poe ayeuna kuring kuduna kuliah Bahasa Inggris Aplikatif. Kuring indit ti imah isuk keneh, da jam 6 kudu geus kumpul di kampus cenah. Kuring ti imah naek ojeg da euweuh nu nganteurkeun, jaba babawaan loba, lain babawaan nu sorangan, tapi babawaan barang-barang kaperluan kelompok. Kuring mah sok kabagean balanja wae unggal KKL teh, geus dua kali KKL, kuring nu balanja sagala kaperluan kelompok, da pedah kabeneran lanceuk kuring nu lalaki dagang sembako di pasar Tanjungsari, jadi teu hese mun butuh nanaon teh. Barang nepi ka kampus sihoreng can aya sasaha, sangkilang geus jam 7. Aya ketang sababaraha urang barudak entragan 2009 jeung ketua kelompok kuring, Kang Eko. Kuring meni angkaribung ku babawaan. Can oge nanaon geus cape. Jaba kuring can dadaharan, ari indit isuk-isuk teh tara kaburu dahar. Kabiasaan oge ketang ieu mah.
Dina mobil karasa heurin da puguh pangeusina lain ukur jelema wungkul, heurin ku babawaan, dus, kantong patumpuk-tumpuk. Tambah-tambah kelompok kuring mah punjul tinu lian, da ketua kelompokna ge diukna teh ngaheurinan, ditambahan ku salah sahiji anggota kelompok, si Tomy nu meakeun tempat teh. Teu kungsi lila kuring geus anjog di Sumedang, teu lila ngan ukur sajam satengah meureun perjalanan teh. Di Kacamatan kuring ngariung deui jeung babaturan, jeung kelompok sejen. Di ditu aya penerimaan resmi ti pihak Kacamatan. Kuring jeung nu sejenna ngarariung di Padepokan, Padepokan Sunda mekar ngaranna teh. Aya meureun kana sajamna diuk di padepokan, ngadengekeun rupa-rupa pangbagea ti pihak Unpad jeung Situraja. Basa ngawanohkeun perwakilan desa Bangbayang, nu ngariung di padepokan saleuseurian. Naha ceuk kuring teh make jeung saleuri?...sihoreng geus kabayang meureun, Bangbayang mah tempatna diluhur gunung. Jam 11 beurang, kabeh kelompok indit ngajugjug desa masing-masing. Hayang seuri nu kabagean di Situraja mah, deukeut pisan, teu rame ceuk kuring teh, euweuh dinamikana, mending nu jauh sakalian. Sapanjang jalan ka Bangbayang teh sihoreng gening jauh pisan, jeung jalanna teh butut. Jalan aspal, tapi kaditunakeun mah jalan teh rincug ku batu. Nu matak hariwang mah basa ngaliwat ka gawir nu ngalungkawing, bujur teh meni empod-empodan, jaba diuk pangtukangna, kadempet ku si Tomy nu awakna gede, beu...meni eungap rarasaan teh. Lain kunanaon kuring mah, sieun murag mobil teh ka jurang, jaba jungkrang. Tapi alhamdulillah...supir na ge ahli, sugan pembalap we ieu mah, ceuk si Riva teh. Aduh...sapanjang jalan teh kuring kunyam-kunyem we ngadu'a da sieun cilaka, jaba kabelah dituna mah da leuweung gening Bangbayang teh. Mobil asa dibuntang-banting, ka katuhu ka kenca, barudak jero mobil ting jalerit, da palaur. Teu kabayang mun dosen pembimbingna Bu Prof jeung Bu Hera, untung we diganti ku Pa Rahmat, da geus kabayang meureun ku salarea ge.