One Love in my Live

Selamat menjemput impian dalam satu cinta untuk jutaan cita-cita

Cari Blog Ini

Laman

Label

Jumat, 30 Juli 2010

Gerentes

Geura kedalkeun
naon nu janten bangbaluh teh
moal hade disidem
nepikeun ka pareum
lilin nu ukur tinggal sapotong the
moal hade ditundung
rasa nu teu weleh cumarita
bisi pundung
nu nyesa ukur rasa kaduhung

Jatinangor, 30 Juli 2010
15.22

Gerentes

Geura kedalkeun
naon nu janten bangbaluh teh
moal hade disidem
nepikeun ka pareum
lilin nu ukur tinggal sapotong the
moal hade ditundung
rasa nu teu weleh cumarita
bisi pundung
nu nyesa ukur rasa kaduhung

Jatinangor, 30 Juli 2010
15.22

Gerentes

Geura kedalkeun
naon nu janten bangbaluh teh
moal hade disidem
nepikeun ka pareum
lilin nu ukur tinggal sapotong the
moal hade ditundung
rasa nu teu weleh cumarita
bisi pundung
nu nyesa ukur rasa kaduhung

Jatinangor, 30 Juli 2010
15.22

Pasea

Guntreng
panineungan nu ngamalir
jeung pangalaman
gening
aya anjeun dina kuring
da gening
anjeun teh kuring
moal hade mun kuring ninggalkeun anjeun
moal simpe mun kuring nyangcang anjeun

Tanjungsari, 28n Juli 2010
22.12

Mata Pamenta

Nalika patepung teuteup
teu sakiceup panon males neuteup
ngeluk
teu unjukkan kanu boga rasa heman
sajorelat
ka potret ku lensa nu ilang cahya
aya soca nu dipicangcan rasa
mawa rosa
ambekan
cangcaya
kanu keur kemba

Buruan PAMASS
26 Juli 2010
11.46
ditulis
di Tanjungsari, 28 Juli 2010
22.13

Naon

abdi teu tiasa ngajangjikeun nanaon
da gening teu naon-naon
kunaon atuh anjeun téh
naon nu janten bangbaluh
nepikeun ka nyuuh
néangan nu linduh
tapi teu pararuguh

PAMASS, 28 Juli 2010
13.22
Wanci Penerimaan Maba SNMPTN

Wanci Sariak layung

Reup maghrib panon ngalong
Dina jandéla kamer
Neuteup langit nu méh angkeub
Haté ngageter
Totondén jiwa nu teu teger
Duh…
jungjunan
Nu ucang anggé na katumbiri ati
Nu nyumput na lalangsé haté
Gera tingal ieu bulan
Moncorong
Mencrong kuring nu kapindingan wanci
Kahalangan anggang
dikakayon kamelang
Peurih
nyeak
nyongkab sawak-awak
Cimata teu eureun cumarita
Aya katresna kakotrétkeun
Dina wanci caang bulan

Tanjungsari, 25 Juli 2010
Wanci sariak layung nepi tengah peuting nu kairing ku dangding

Insomnia

Pabeulit jeung pakait
peuting-peuting nu kungsi meuting
dina hariring nu teu weleh nyaring
euleuh
gening
ngan ukur kuring nu pating kuriling
teu nyana aya nu paséa dijero dada
har
apan urang teh kungsi patepung
majar teh euweuh panglipur
réwuan memori minuhan otak nu keur ngagolak
atuh, saban poé saban simpé
da rasa mah teu eureun cumarita
ari anjeun?
apal teu aya nu gulang-guling saban peuting
humandeuar
tapi aur-auran
tong ngabibita ku impian nu anggang dina panineungan
da isuk mah pating kulisik
moal malik
teu katilik

Tanjungsari, 24 Juli 2010
18.43

Nanya

Cangcaya rupina mah anjeun téh palangsiang
éta rasa téh dimomorékeun euleuh deudeuh teuing
haté ning anjeun téh kabula-kabalé ku rasa nu teu weléh simpé tong maksakeun tong nyobi2 digunting gelasan langlayangan téh bilih ramo nu kalahkah potong keun antep
malar sina anteng
Tanjungsari, 23 Juli 2010