PAKILUN
Sanggeus rengse mata kuliah Penulisan Kreatif, kuring jeung babaturan leumpang rurusuhan muru hiji tempat nu disebut PAKILUN (Pedagang Kaki Lima UNPAD). Hiji tempat nu pernahna aya di kalereun gedung C Fakultas Sastra. Gedung C jeung Pakilun ngan dipisahkeun ku jalan, jalan anu ngurilingan Unpad Jatinangor. Pakilun salah sahiji tempat “favorite” pikeun mahasisiwa sastra, komo mahasiswa Sastra Sunda mah. Hiji tempat anu ngan saukur ditiungan ku terpal nu boga ukuran kurang leuwih 3x8 m anu manjang ti tungtung kulon nepi ka wetan. Pakilun ngadeg diluhur lahan nu teu lega. Puguh gigireunana ge kebon sampeu, ngan kabelah kalerna deui loba wangunan nu ngajajar nyaeta kosan mahasiswa. Di pakilun ngajajar sababaraha padagang anu ngadagangkeun rupa-rupa kadaharan. Ti mimiti mie ayam Mang Deni, rujak si Abah, rupa-rupa inuman anu ditungguan ku ibu-ibu, gorengan, baso malang, nu tukang dagangna ceuk barudak mah jiga salah sahiji dosen di Jurusan Sunda cenah, ditungtungan ku si Ibu nu dagang sangu, nasi soto cenah tidituna mah.
Teu kungsi lila, kuring jeung babaturan anjog ka Pakilun, didieu mimiti rame, loba sora tiditu tidieu paheula-heula jeung haseup tina mie ayam, gorengan jeung baso. Bangku-bangku ngajajar, ngabaris siga nu hayang kapilih pikeun didiukan. Bari jeung teu pati beres ge, da katingalina mah semu pasolengkrah. Kuring culang-cileung neangan bangku anu mernah pikeun didiukan ku kuring jeung babaturan da puguh nu kadinya teh lain ukur saurang dua urang, tapi sok ngabreg, jadi kudu pinter milih bangku. Beuki beurang beuki reang wae sora di Pakilun teh, ti mimiti sora mahasiswa anu patarik-tarik mesen dahareun, sora gogorengan si Abah nu ngajerejes wae titadi, nepi ka sora piring jeung mangkok nu sakapeung trong trang jeung sendok atawa garpuh, geus puguh sora kandaraan nu pasuliwer mah, ah matak pinuh ceuli teh. Matak mun hayang minuhan beuteung jeung ceuli, ka Pakilun we. Malah sakapeung mah, sok aya sababaraha urang tukang ojeg nu dariukna teh dibelah kulon, nyaeta di bangkuna Mang Deni, bari ngaroko jeung ngawarangkong, ngomongkeun pasualan hirup sewang-sewangan atawa ngan ukur saleuseurian, garogonjakan.
Kuring buru-buru muru bangku nu belah sisi, tuluy diuk, samemehna geus aya nu dariuk, lanceuk-lanceuk kelas entragan 2007. Gusti…naha diuk teh asa teu merenah, asa beuki ngagolosor jeung beuki handap. Sihoreng bangkuna reyod jeung mebes kajero taneuh, da puguh beurateun meureun. Nu diuk padedempet pisan. Komo nu diuk teh lain jelema nu boga awak leutik wungkul. Ahirna kuring pindah ka bangku sejen nu leuwih merenah. Beuteung geus kukurubukan wae ti tadi, teu eureun ngamiskolan, hayang geura ditelepon ku kadaharan meureun. Haseup mie ayam Mang Deni ge geus hihiliwiran, cilingcingcat ngaliwat hareupeun irung. Kuring geuwat semu ngagorowok, ngageroan Mang Deni anu keur pakupis ngaladangan mie ayam. “Mang hiji, tong loba teuing saos jeung caina, lobaan emih jeung dagingna we!” kitu ceuk kuring teh. Sora kuring paheula-heula jeung sora mahasiswa sejen nu sarua pesen dahareun. Ti belah kulon jeung wetan patembalan sora-sora anu keur ngawarangkong, anu tingcikikik saleuseurian, malah sakapeung mah teu puguh dedengean.
Salila dahar jeung diuk di eta tempat, haseup roko nu kaluar tina liang irung sababaraha jalma, lalaki jeung awewe, teu eureun ngepul wae. Matak ngadadak batuk sakapeung mah. Embung eleh ku haseup dahareun jeung kebulna taneuh dina usum halodo. Pedah we ayeuna mah usum hujan, taneuh teu pati calutak teuing, ngan hujan ngabalukarkeun eta taneuh nu ngamparan Pakilun teh jadi rada becek jeung leueur, ngotoran sapatu nu karek meunang ngumbah, komo sapatu nu warna bodas atawa boga warna caang mah. Teu saeutik oge mahasiswa anu ngalaman tisorodot atawa tiseureuleu palebah teteclean anu aya di pakilun. Beuki beurang nu datang beuki loba, kuring nu betah keneh dipakilun bari ngawangkong, kapaksa kudu ngelehan. Da loba keneh batur nu ngantri rek ngeusian beuteungna, komo nu kuliahna nepi ka jam 4 sore mah. Beuki lila beuki beurang, nyedek ka sorenakeun sora-sora mimiti ngorotan, bangku mimiti karosong. Mahasiswa nungtutan indit ti eta tempat, aya nu langsung ngagerungkeun motor, aya nu arasup deui ka kelas, aya nu ngajanteng nungguan angkot haratis. Pakilun laun-laun jadi tiiseun, nu aya ngan ukur sora hawar-hawar tukang dagang nu keur anteng meresan piring jeung mangkok urut dalahar. Jep….jempling…Pakilun teu loba carita deui, nungguan poe isuk nu bakal ngotretkeun sababaraha cutatan kahirupan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar