Hudang!
Geus lila teuing kuring tibra dina impian
dinelengnengkung ku kawih indung
Cing!
Geura singkahkeun jurig-jurig nu ngancik
dina kongkolak panon,
dina jandela ati,
dina rohangan pikir.
Ayeuna mangsa panon poe beunta
Ayeuna wanci ngaji diri,
ngariksa raga
Karinding ngahariring
ngageuing kuring nu keur kingkin
ngahudang urang nu keur melang
Geura hudang!
Toong mangsa katukang
Teuteup mangsa kahareup!
Ngalengkah!
Nyorang kahirupan...
Tanjungsari, 4 Maret'10
08.30 WIB
Ompong
Paheula-heula asup ka gedong
Pagaya-gaya diuk dina bangku kakawasaan
Paalus-alus dasi
dimamanis ku imut nu nyumput
padahal hate pasuriwet
padahal pikir lolobana mungkir
ngusut-ngusut Century,
nu geus puguh kararusut
bejana mah wawakil rayat
nyalametkeun renghap rayat nu ampir pegat
sakarat...
dijero gedong parea-rea omong
pajenggut-jenggut catur
maseakeun batur
antukna ...omong kosong molongpong
Deudeuh teuing.....
Gening...
Nagara teh ompong!
Tanjungsari, 4 Maret'10
08.45 WIB
Tidak ada komentar:
Posting Komentar